Monday, August 23, 2021

Biantara Paturay tineung

Nyusun naskah biantara

Tema : Paturay tineung (perpisahan) 

  1. Salam pamuka 
  2. Bubuka 
  3. Eusi 
  4. Panutup 
  5. Salam panutup 

Assalammualaikum warahmatullahi wabarakatuh. 

Sampurasun,

Sateuacanna manga urang sami-sami ngunggahkeun puji sinareng syukur ka Gusti nu Maha Agung margi mung ku barokah sareng inayahna nu parantos maparin kani'matan ka urang sadayana, dugi ka urang dina waktos ieu tiasa riung mugpulung, patepung lawung patepang raray.


Solawat sinareng salam mugia ngocor ngagolontor ka jungjunan urang Kanjeng Nabi Muhammmad SAW. kayalan mugia sing tumerus ka kulawargina, para karabatna, para sahabatna, para alim ulama, dugi ka urang sadayana salaku umatna.


Ibu bapa hadirin nu dipikahormat,

Wilujeung sumping ka sadaya tatamu uleman, para sepuh, para guru, utamina ka Ibu Bapa Kepala Sakola katut réngrénganana hapunten bilih dina cara panampian kirang nyugemakeun kirang tata titi duduga peryoga. Kuring hatur nuhun parantos dipasihan kasempetan nyarios dina acara "Paturay Tineung" murid SMP kelas 9 ieu. Minangka wawakil murid anu nembé réngsé ujian sareng lulus di sakola ieu, abdi sadayana sadar yen salami tilu taun tos tinangtos seueur ngalakukeun hal-hal anu matak musingkeun sareng pikakeuheuleun. Kumargi sakitu, abdi sadaya seja neda sih hapuntenna tina samudayaning kalepatan. Teu hilap ka adi-adi sadaya nu masih keneh aya di bangku sakola, mugi sing getol diajar, sareng sing taat kana piwuruk Bapa sareng Ibu Guru. Mugia sakola ieu sing langkung nanjeur ku prestasi-prestasina katut pangeusina diharepkeun sing tiasa ngajagi ngaran ieu sakola.


Ibu bapa hadirin nu dipikahormat,

Tangtos seueur keneh nu hoyong dipisanggem mahIntina mah sim kuring sadayana ngaraos bingah ku parantos lulus. Ngahaturkeun nuhun kana elmu kaweruh sareng pangalaman nu tos dipaparinkeun ka sim kuring sadayana, mugia janten amal kasaean kanggo sadayanakenging ganjaran anu saageung-ageungna ti Gusti nu Maha Agung. Kalih ti eta sim kuring saparakanca seja neda pidua ka Bapa Ibu Guru supados tiasa neraskeun diajar ka sakola nu langkung luhur.


Panutup catur pamungkas caritaHapunten bilih aya tutur saur nu teu kaukurréka basa nu pasaliaRumaos masih dina tahap diajar. 

Saninten buah saninten, 

Dicandak ka parapatan,

Hapunten abdi hapunten,

Bilih aya kalepatan.


Billahi taufik walhidayahwaridho walinayahwaafumingkum, wassalammualaikum warahmatullahi wabarakatuh. 

No comments:

Post a Comment